Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/45

Ieu kaca geus divalidasi
Jelema nu maja kakara lalajo topeng,
utama kudu geus lalajo ronggeng.

 Sabab: nu lalajo teh nenjo kalangkangna bae, puguh bangunna, ngigelna jiga ngigel ku maneh, sarta ngomongna siga ngomong sorangan, tapi nista keneh da kahalangan ku kelir teu sidik.

 Maja lalajo topeng: bener sidik katenjo ngigelna ku maneh, sarta nu ngomong katenjo make dalang, tapi beungeutna topeng make kedok jadi sasatna teu sidik keneh.

 Utama lalajo ronggeng: nya eta beh rupana, ngong sorana, sarta hade gorengna sidik (cukup).


62NYIUM BARI NGEGEL

Hartina : nyandang rapet jeung aya pangarah, salakina disobat pamajikanana dijinahan

 Si Pari datang ka Ki Jaen, pokna, ”Kang! bisi akang baris miwarang ka kuring montong asa-asa, jeung montong aya halangan naon-naon, janari tengah peuting mo burung diturut, da euweuh deui nu nyaah alah batan dulur teh ngan akang buktina; ayeuna kuring teu rek alang-alang kumapalang, ngan supaya eta bae kagungan, sawah nu saluwuk ku kuring sambut sewaanana moal dikurangan.”

 Jaen: ”Heug euy ari silaing bener mah mo burung dibere, jeung sewaanana ulah dielat-elat.”

 Upama anak Ki Jaen gering, geuwat diteang dikirim ubar, bari ditungguan; ari balik nginjeum duit sarupia atawa saringgit, tina bisana ngomong dibere bae.

 Hiji poe Si Pari ngomong ka Ki Jaen pokna, ”Akang wireh ayeuna geus usum nyambut, eta munding kagungan ku kuring bae dianjuk Rp 40; mayarna sakalian sareng sewaan sawah.”

 Walon Ki Jaen, ”Montong dibeuli ari rek dipake kop bae, sanggeusna pulangkeun deui.”

 Pari: ”Ah alim kuring ari ngaruruksak kagungan akang mah, mending-mending eta munding balikna deui walagri, kumaha mun pateuh, atawa kuru, atawa paeh pisan, jadi kuring teu iklas ka

45