Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/47

Ieu kaca geus divalidasi

na pakokolot supa bae, sakulit sabangun, pada parendek koneng, saadat layeut kamana mana, sakacua saka era.

 Nini Angren nu incuna tacan boga salaki ngomong ka incuna, pokna, Cing Nyai, maneh ari boga salaki sing meunangkeun babad maneh, sukur mun cara Ki Parta jeung Nyi Pacar, eta mah estu nurub cupu.

ATAWA

 2e. Ujang Eros jelema tegep-bisa make tur berseka, jeung imahna alus ngajenggleng sisi jalan meujeuhna gedena, parabotna marahal, kawantu anak jelema kaya, pakaranganana hanteu lega tapi resik, beres ngaturna nepi ka lamun aya nu ngaliwat lebah dinya, loba nu ngarandeg tina kur resep nenjo imah alus, pakaranganana beresih, tur lucu aturanana, nepi ka sakur anu ngaliwat pada hayang nurutan.

 Ki Endas jeung Akrim nu keur nenjo imah di sisi jalan, kacida mujina, sabot muji imah, nu boga turun ka buruan beunang cetaan kawantu jelema berseka tur tegep, wuwuh mata kayungyun bae, carek Ki Endas, ”Akrim geura deuleu ku maneh, keur imah alus, pakarangan beresih, turug-turug nu bogana tegep.

 Akrim: ”Leres ieu mah istu nurub cupu.”


65NYUHUN NANGGUNG NGELEK NGEGEL

Hartina = rebo pisan (babawaanana loba pisan)

 Nyi Jirot keur waktu datang-ka bibina, loba kacida babawaanana barang, nya eta titinggal salakina nu geus maot.

 Lila-lila eta barang beak dijualan jeung digadekeun ku bibina dipake ngahadepan salakina.

 Sanggeus beak pisan, Nyi Jirot ngomong, pokna, ”Bibi ari barang kuring dikamanakeun, atuh najan kieu-kieu oge kuring mah hayang terang bae.”

 Bibina nembal sengit, pokna, ”Lah rea teuing ucap, naha sia teu rumasa nurut imah, ari kitu mah sia geura jor bae ulah aya di dieu, bari mawa naon sia ka dieu teh, geuning ngan masih mawa badan sakujur.”

47