Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/48

Ieu kaca geus divalidasi

 Jirot: ”Aeh! aeh! ari bibi bet hade kitu kapan barang kuring teh pirang-pirang, naha bibi geus poho, nu mawana oge Si Sajim, harita lain nyuhun nanggung? (ngelek ngegel?).

 Bibina cicing henteu ngomong.


66NEUNDEUN HATE

Hartina = ngantanankeun

 Ukim dina hiji poe disaur ku lurahna, peda manehna geus asup ka kebon Ki Suka henteu menta paidin heula.

 Ceuk Lurah, ”Ukim enya kamari maneh geus abus ka jero kebon Suka, arek naon?”

 Wangsulna: ”Henteu ari abus maḥ ngan moncor awak bae sapotong ngodok dudukuy ti pecat ku angin.”

 Lurah: ”Naha atuh Ki Suka ngadawakeun maneh?”

 Wangsulna: ”Eta mah pantes bae ngadawakeun oge, pedah kapungkur aya pasendatan, dungkap ka ayeuna kawas nu neundeun hate.



67ULAH PANGKAT MEMEH JENENG
„ BEUNGHAR „ BOGA

Hartina = ulah kumaki royal mapadani ka nu geus jeneng, atawa ka nu beunghar, kalampahkeunana ku jelema nu ngarora keneh, nu tacan boga ka untungan, geus royal jeung cetaan

 Armaji anak jelema jegud, lamun nenjo batur-baturna make papakeun alus, geuwat menta dipangmeulikeun ka bapana, kitu deui lamun teu diturut moheng matak pusing pisan.

 Kitu deui adatna kumaki pisan lamun neuleu bangsa pangkat makena semu, manehna hayang nurutan henteu dipikir pitemaheunana, manggih barang anu mahal hargana geuwat moheng ka kolotna.

 Hiji poe manehna nenjo tatamu urang nagara sejen, tayohna

48