Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/49

Ieu kaca geus divalidasi

bae pangkat, sabab katara dina papakeanana, make peci kancing Welem jeung make sapatu.

 Armaji kabita pisan nenjo eta tatamu makena pantes, rek menta ka kolot era da mindeng teuing, tuluy balik, datang-datang ka imahna bluk nangkuban teu daek dahar-dahar acan.

 Pasosore katenjo ku bapana, omongna, ”Kunaon maneh Armaji nangkuban bae ti tadi, naha gering?”

 Wangsulana: Henteu bapa, tadi kuring nenjo nu make peci sareng sapatu kancing Welem, kacida kabitana, cing, atuh bapa panggaleuhkeun, mahal-mahal oge galeuh bae da kuring hayang.”

 Bapana seuri bari ngomong, ”Alus kacida pamenta maneh, nepi ka hayang peci, sapatu jeung kancing Welem.”

 Cing sing inget ari jelema kudu boga pamilih, nu kitu teh pakean pangkat, demi maneh sakola keneh geus hayang make nu kitu jeung ceuk maneh mahal oge beuli bae, eta ulah kitu, ieu mah keur nyiar keneh pangarti, geus hayang boga bendi, kareta mesin turug-turug hayang boga sapatu peci katut Welemna.

 Deuleu ari jelema ulah pangkat memeh jeneng (ulah beunghar memeh boga) tah eta lampah maneh kitu.”


68 ULAH KABAWA KU SAKABA-KABA

Hartina = ulah kabawa ku nu teu puguh, sok diparake (kajadian) di nu gering sok sasar ngomongkeun nu lain-lain

 Nyi Malati unggal-unggal peuting dirubung-rubung bae ku baraya-barayana jeung ku sobat-sobatna, sabab gering panas, kacida, sakapeung tina ku bawaning panas, sok indit ti imahna hayangeun kaluar, tapi teu meunang pada nyekelan, atawa sok sasar ngomongkeun naon-naon, pokna, ”Tuh! tuh! aya maung rek ngegel, bari manehna bibirigidigan, matana molotot karepna rek lumpat, pokna hayu urang baralik, hayu.”

 Ceuk anu narungguan, ”Hih Nyai repeh ulah ngomong teu puguh ulah kabawa ku sakaba-kaba.”

49