Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/51

Ieu kaca geus divalidasi

”Bapa! ieu kuring gaduh duit dua rupia, bade nyaba ka Batawi; hayang nyaho Luarbatang.”

 Omong bapana, ”Hih ulah, eta duit moal mahi dipake tambangan kareta api sabab sajalan oge ongkosna tujuh welas ketip, jadi pulang anting kudu aya duit tilu perak opat ketip, mana deui keur barang hakan? Ayeuna mah sabar bae heula. mangke ari bapa geus meunaug rejeki diembohan sacukupna, lamun maneh maksa, tangtu meunang ka susahan, enya ti dieu bisa datang ka Batawi, ari ti ditu mana baris ongkos, tungtungna maneh sawan kuya teu bisa balik.”


71SARUMBAK PANGGANGAN

Hartina = sanggeus beak dagangan (sanggeus payu dagangan kabeh)

 Asmid ngomong ka Saen, pokna, ”Kang! nu mawi kuring dumeuheus, manawi dipercanten nambut duit lima puluh rupia kuring kabita ku batur hayang dagang gula ka kaler.”

 Wangsul Saen: ”Ari akang mah teu boga nya urang ukul akal bae heula, akang rek nginjeum deui, tapi adi leuwih terang, ari nginjeum teh kudu ngarentenan tina f 50 rentenna f 5.”

 Asmid: ”Leuh! kang beurat teuing sakitu mah, lamun kenging mah dua perak tina f 50, kuring wani, sareng ieu mah moal lami mangke sarumbak panggangan ku kuring disanggakeun sareng jinisna.”


72SUMUR NYUNYUHUN HULU

Hartina = sagembleng umurna

 Ki Jengge dicandak ku juragan wadana ngadeuheus ka lebet; kawantu jelema dusun kakara saumurna asup ka lebet gawena ngan luak-liuk bae heran nenjo naon-naon nu manehna tacan nyaho, katurug-turug dipiwarang mangku katil beusi ka pangkuleman, atuh manehna geus kampad kompod bae, nya isin nya resep, jeung aringgis nincak alketip, tina teu tuman tea, kesangna wani ngucur, beungeutna pias.

51