Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/52

Ieu kaca geus divalidasi

 Sanggeus juraganana mulih, manehnya cacarita ka baturna gandek, pokna; ”Lah Piin dewek mah kakara bae manggih ka sieun ka era ka reuwas.”

 Piin: ”Naha ku naon?”

 Jengge: ”Kapan tadi dewek dicandak ka lebet, turug-turug di lebet dipiwarang ngakutan katil ka pangkuleman, atuh dewek wani geus teu puguh rasa.”

 Piin: ”Hih naha kawas nu kakara bae ka lebet teh.”

 Jengge: ”Anu matak saumur nyunyuhun hulu kakara bieu, nyaho di lebet.”


73SANGSARA DI GEUSAN BETAH

Hartina = hirup hayang keneh, ari digawi nyiar rejeki geus embung, hirupna teu boga hawu-hawu acan

 Darsam imahna leutik pisan pamere ninina tihang awi hateup eurih, di jerona teu boga samak-samak acan, boga oge pangdiukan hiji, kulit domba pamere keneh.

 Darsam ngedul kacida, baranghakanna udar ider bae nganjang, lamun aya nu nyuguhan kakara baranghakan, imahna geus carangcang tembong langitna, tapi Darsam euweuh hate, teu aya ka era ku batur, imah sakitu ruksakna teu bisa ngomean.

 Hiji poe lurah datang ka dinya, barang nenjo imah Darsam geus ruksak, tuluy ngomong, ”Darsam naha ari maneh euweuh karep ngomean ieu imah karesep teh ngan nangkeup tuur bae embung digawe, cing atuh da jagjag keneh, kudu daek digawe ambeh seubeuh nyatu, jeung tangtu bisa ngomean imah, maneh mah dideuleu-deuleuna sangsara di geusan betah.”

 Darsam cicing teu nembal.


74SAKURU-KURUNA LEMBU SAREGENG
REGENGNA BANTENG

Hartina = sa malarat-malarat nu jeneng luhur (nu gede gajihna) atawa urut beunghar

52