Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/53

Ieu kaca geus divalidasi

 Ceuk Jahid ka pamajikanana, ”Euy juragan. Wadana Pangkalan gajihna f 200 sabulan, lilana cekel damel geus 7 tahun, ari ayeuna liren tina damelna, dipansiun f 50 sabulan, calikna di Babakan, cing urang ngadeuheusan bari nawarkeun sawah.”

 Pamajikan: ”Entong kang! moal digaleuh, da kuring geus meunang beja anjeunna ayeuna keur ripuh pisan teu damang, geus lima bulan teu damangna, tangtu anjeunna moal kagunganeun duit, sabab dipake mayar doctor.”

 Jahid: ”Hih euy sugan bae digaleuh dina paribasa oge şakuru-kuruna lembu saregeng-regengna banteng.”


75SAPAPAIT SAMAMANIS

Hartina = sakasusah šakasuka

 Bapa Sakub anakna dua, nu hiji ngaranna Oto, nu hiji deui ngaranna Odo, eta dua budak geus tarawekal, geus baroga imah ieung geus pada boga kahasilan.

 Dina hiji mangsa Bapa Sakub tilar dunya, Oto jeung Odo badami kieu, pokna, ”Odo ayeuna bapa urang maot, ditaksir ku akang baris ngawaragadan f20, ku sabab eta anakna euweuh deui ngan urang, jadi urang nu kudu ngayakeun duit sapuluh rupia sewang, sukur upama nyampak, hingga teu nyampak, kudu ukul akal, da papait urang.”

 Henteu lila salse geus dikubur, Oto ngomong deui, ”Odo ayeuna geus salse, sarta bapa urang aya titinggalna, rupa sawah opat bau, ayeuna nu boga euweuh deui ngan urang, jadi ayeuna eta sawah urang dua bau sewang, kudu pada narimakeun.”

 Carek pamanna: ”Tah nya kitu barudak, susah pada susah, suka pada suka, susahna tadi nguruskeun keur waragad bapa maraneh,, sukana ayeuna nampa warisan titinggalna, jadi lulus moal pasea, nya nu kitu carek paribasa sapapait samamanis teh.”


76SABAGJA SACILAKA

Hartina = aya dua rupa:
1°nu sarua jeung sapapit samamanis nya età reujeung.
2°sauntung bagjana
53