Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/54

Ieu kaca geus divalidasi

 Si A. jeung B. papanggih di warung ger bae nyarita ceuk A, ”B.! Si Kajun diangkat jadi Lurah di Citeureup, tina suka teuing, barang geus dua taun manehna katempuhan pajeg, da royal teuing geblus bae dibui, jadi ayeuna manehna keur nandang ka susah.”

 Ceuk B, ”Aeh! aeh! naha sapamanggih teuing jeung kuring, Jaya oge sobat kuring diangkat Lurah di Sadang, nya kitu royal teuing, ku tina atohna jadi Lurah, tungtùngna katempuhan pajeg, malah ayeuna oge geus di bui.”

 Ceuk A, ”Eh! karunya ku Kajun jeung ku Jaya bet sabagja sacilaka.

 Tah eta dua jelema henteu reujeung tapi pada.


77SIREUM ATEULAN

Hartina = gede sawareh

 Nyi Timot jeung Si Emot dititah ku dununganana digarawe ngagelengan kaneker jeung ngeureutan dodol.

 Barang dipariksa ku dununganana bet gede sawareh, carek dununganana, ”Aeh! aeh! naha barudak eta digawe teh bet sireum ateulan.”


78SIEUN NYAKCLAK TULUY (JADI) BAHE

Hartina = nu sieun rugi sauetik jadi rugi gede

 Hiji alim gede, dina hiji poe manehna mukaan kitab-kitabna, sarta tuluy dibaca, barang maca dina hiji kitab, aya tuduh kieu, ”Saha-saha jelema nu leutik sirahna panjang janggotna, eta jelema watekna bodo.”

 Alim geuwat nyokot eunteung barang ditenjo dina eunteung sirah manehna leutik sarta janggotna panjang. Ceuk pikirna, ”Sirah aing moal bisa ngagedean, ari janggot bisa mendokan saeutik bae mah, tapi lamun digunting goreng katenjona, supaya teu katara dipotong, leuwih hade ku aing diduruk saeutik.”

 Harita keneh tuluy nyokot seuneu barang geus sadia janggotna dicekel ku sabeulah kenca, tungtung janggot diambaykeun saeutik, demi leungeun katuhu nyekelan seuneu hurung.

54