Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/55

Ieu kaca geus divalidasi

 Ti dinya sut disundut, tungtungna, barang tungtung janggot geus beak seuneu antel kana leungeunna, leungeun dikejatkeun sabab panas, seuneu gancang mapay ka luhur truş kana godeg.

 Ayeuna alim teh burundul, euweuh janggot euweuh godeg, malah beungeutna oge wani asak (beureum).

 Alim ngahuleng bae, ceuk pikirna, ”Aeh! aeh! ieu lampah aing sieun nyakclak jadi bahe.


79SITU KALIUNG KU TAMAN

Hartina = nu kontrak atawa barang nu mashur barang nu heubeul

 Japar jelema mashur beunghar, boga anak awewe hiji, lila-lila manehna boga minantu ka jelema beunghar deur, ngaran Sidik.

 Imah Japar diganti dialus-alus, sarta pakaranganana dihade-hade kawantu eta mantu tetep matuh di pakaranganana Japar.

 Ceuk nu ngomong, ”Euleuh naha aya imah alus-alus teuing, pakaranganana beres bareresih.”

 Ceuk nu dibawa ngomong, ”Meureun bae da imah nu beunghar, nya eta imah Japar.

 Tah di dieu najan beunang ngalus-ngalus Sidik, teu kasebut banda Sidik, da asalna nu beunghar teh atawa nu boga imah asai Japar, jadi nu sarupa kitu disebutna situ kaliung ku taman.

 Najan Sidik leuwih loba mawana banda, Japar bae nu kontrak mah.


80SEURI KONENG

Hartina = seuri teu hayang tina manggih ka era, ka ambek, ka sieun, ka keuheul, kasalahan, jeung sabangsa eta

 Pean datang ka lanceukna pokna, ”Eteh, kuring hayang ngadegkeun imah tea, lamun rujuk hayang pageto poe Rebo, sabab di dinya ninggang dina padaringan kekeb, ceuk dina tuduhna, lamun ngadegkeun dina poe eta, sumawonna aya bekelna ceuk teu aya oge adegkeun bae, moal burung anggeus, sabab alus watekna.”

55