Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/56

Ieu kaca geus divalidasi

 Carek lanceukna, ”Naha geu boga sabaraha duit keur bekel ngadegkeun?”

 Pean: ”Boga bae f 10,- rupia mah.”

 Dulur: ”Wah moal enya mahi, ditaksir ku eteh kudu boga f 100,- rupia mah; montong mangke deui, ayeuna mah sasadiaan bae heula.”

 Pean teu ngagugu, barang nepi kana poe Rebo, ger bae ngadegkeun, tapi ngan ukur nangtung imah teh, da bekelna nu f 10,- rupia beak, isukna manehna balang siar ka ditu luput, ka dieul luput, tungtungna Pean teu bisa nganggeuskeun, tina susahna rangkay teh dijual dipisekeun.

 Sanggeus ngajual imah rangkay, gok papanggih jeung sobatna, ceuk sobatna: Kumaha euy imah teh geus anggeus?”

 Wangsulna: ”lah nya eta matak seuri koneng mikiran kalakuan tadina teu ngagugu ka kolot, tina ngandel kana tunduk, ahir-ahir datang ka dijual tina teu bisa nganggeuskeun.”


81SEUKEUT AMBEU SEUKEUT PANON
lumbrahna aya di pulisi

Hartina = awas, loba mata-matana jeung asak susud, jadi penjahat kumaha bae mo burung beunang

 Si Ombo ngomong ka Si Daka, pokna, ”Cing Daka dewek aku dulur bae ku silaing jeung rawatan di dieu, kapan silaing nyaho dewek bisa maling, tangtu silaing mangke untung beu-beunanganana tangtu didua-duakeun, da di dieu dewek euweuh baraya keur baris mukim.”

 Daka: ”Ombo ulah jadi ati, dewek teu bisa narima kana pamenta silaing, sabab dewek tangtu ka babawa goreng, bener ayeuna silaing salamet-salamet bae ana maling tara katangkep, kumaha bobor karahayuan pareng katangkep, lain dewek kababawa, nu ka cicingan, atawa nu milu ngahakan beunang maling?”

 Ombo: ”Wah moal, nya lamun geus kanyahoan mah yen urang jahat, urang maringgat bae ka leuweung, moal enya ka susul”

 Daka: ”Embung dewek mah sieun, teu kaduga ngalampahkun kitu teh, kawantu ari pulisi tea seukeut ambeu seukeut panon.”

56