Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/60

Ieu kaca geus divalidasi

datang ka dieu, bade nganbantun pun anak tina kuring sakieu waluratna henteu gaduh batur nu pantes, nanging akang ulah aya manah awon, pang disuhunkeun teh, lain teu percaja bisi kurang hakan pakena, da puguh geus kanyahoan kanyaah akang ka pun anak teh, atawa pedah-pedah ieu budak geus gede sanes, ieu mah ngan tina butuh bae ku batur nu wajib nulung-nulung kana gawe, kitu oge disuhunkeun manah akang, sing clik putih clak herang pisan.”


88CONGO-CONGO KU AMIS MUN REK AMIS OGE PUHUNA

Hartina = l° dimisilkeun tiwu saleunjeur ari tiwu tea nu pang amisna di puhuna, ari congona mah tiis bae
Hartina = 2° anak-anak ku kuat, mun rek kuat oge bapana atawa kolotna.
(anak-anak ku bisa kolotna oge henteu)
(anak-anak ku bageur bapana oge henteu)

 Lurah Madali boga hiji kebon, di jerona pinuh ku tatangkalan nu gede hasilna, kayaning: soklat, jeruk paseh, jeruk Cina, sawo jeung rea-rea deui.

 Eta kebon dijaga atawa diurus ku Bapa Saham.

 Unggal-unggal taun eta kebon, tara beunang hasilna tina nu ngurusna kurang, papageranana ruksak, tara daek ngalanglang ka kebon, najan aya oge bubuahan nu beunag diala, sok beak ku nu maling.

 Lurah Madali ngomong ka bojona, pokna, ”Kumana euy! ari kebon urang nu sakitu gegekna ku pepalakan, bet teu ngaluarkeun kahasilan, teu cara deungeun-deungeun tina pangasilan kebon teh aya rupiana.”

 Wangsul bojona, "Urang mah boga kebon loba pepelakan aralus oge, moal jadi duit, da nu ngurusna henteu rajin, henteu titen tara daek menerkeun pager-pager acan.”

 Lurah Madali: ”Cing ayeuna mah atuh jurang ganti bae ku anakna, nya eta ku Si Saham, sugan bae manehna mah rajin, temen ngurus kebon.”

60