Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/61

Ieu kaca geus divalidasi

 Wangsul bojona, ”Wah mun tiwu mah congo-congona ku amis mun rekamis oge puhuna.”


89TEU GUGUR TEU ANGIN

Hartina = teu aya bejä (teu aya alamat)

 Bibi Sandi unggal-unggal poe ngarigah bae ceurik.

 Nyi Anir tatamu.Nyi Sáriah nanya pokna, ”Nyi Sariah ku naon bibi Sandi wani carindul?”

 Wangsulna: ”Eta teh ngan ceurik bae unggal-unggal poe katinggal ku salakina geus lima poe.”

 Nyi Anir: ”Na ku naon kasakitna?”

 Nyi Sariah: ”Na matak atuh teu gugur teu angin entas siduru tuluy bae paeh.”

ATAWA

 Pa Gabus cicing di lembur Cikawung, hiji poe burudul bae Sar- jani jeung lima baturna rek ngarakrak imahna.

 Ceuk Pa Gabus, ”Rek kamana Sarjani mawa batur?”

 Wangsulna: ”Rek ngarakrag ieu imah emang.”

 Pa Gabus molotot pokna, ”Rek dirakrak kumaha, jeung naha kitu?”

 Sardjani: ”Kapan geus dibayarkeun kana hutang tuang putra ka kuring.”

 Pa Gabus ngambek, pokna, ”Naha atuh sia teu boga teuing urusan, atuh benerna badami heula jeung aing, ieu mah jol burudul bae mawa batur nu pi ngarak-rakeun teu gugur teu angin, hayoh geura mantog.”

 Sarjani eraeun tuluy balik.


90TEU MAIS TEU MEULEUM

Hartina = teu pipilueun

 Ki. Şarjo urang Lembang, dina tanggal 1 November 1909 manehna leumpang ka jauhna nya éta ka Samarang jeung Si

61