Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/62

Ieu kaca geus divalidasi

Tunan, sejana neang dulurna gering, barang dina tanggal 22 bulan eta keneh, datang rea babawanana.

 Kakara muka pakean rek mandi geus jol panyaur lurah, kudu kairingkeun.

 Ti dinya tuluy Ki Sarjo indit, barang datang ceuk lurah, ”Sarjo! enya maneh mangkukna geus neunggeul si Irin?”

 Sarjo: ”Duka kuring mah teu terang.”

 Lurah: ”Geuning ceuk Wira maneh nu mumusuhan jeung Si Irin teh, malah harita maneh kanyahoan ngaliwat ka buruanana.”

 Sarjo: ”Duka, kuring mah kakara jol ti Samarang sareng pun Tunan, mangkukna mah atuh kuring oge aya di Samarang keneh, sumawonna liwat ka buruan pun Irin, malah ka pun Irin kuring teu terang sareng teu wawuh, diemut-emut asa teu gaduh musuh.”

 Lurah ngambek ka Wira omongna, ”Wira naha sia wani-wani nuding ka Sarjo, geuning Sarjo mah kakara datang ti Samarang, jig ka ditu Sarjo geura balik, karunya jelema teu mais teu meuleum.”


91TEU NYAHO DI HITUT BADU

Hartina = nu bodo teu nyaho urusan

 Bapa Tarjah jelema urang sisi, dusun pisan sagala urusan ngan teu nyaho bae, upama aya jelema nawarkeun barang palsu atawa barang goreng, lamun ceuk batur alus atawa hade nurutkeun bae hade, najan barang hade lamun ceuk batur goreng nya goreng bae, sumawonna kana omongan-omongan batur teu bisa ngabedakeun nu mana nu enya atawa mana nu salah, upama dititah milih barang nu mana nu hade atawa nu goreng. Bapa Tarjah lapur teu nyahoeun.

 Hiji poe tatanggana Ki Kunteng rek meuli lahan nu deukeut ka dinya, badami jeung Ki Meon, pokna, ”Cing Meon sabraha eta lahan pihargaeunana lebah dinya, sakitu pongpokna sakitu palayuna, da dewek geus nanya ka lebe bet teu bisaeun naksir.”

 Meon: ”Taksiran dewek mah moal liwat ti opat puluh rupia.”

62