Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/63

Ieu kaca geus divalidasi

 Kunteng: "Hih mahal teuing lebah dieu mah, cing geura calukan tuh Bapa Tarjah di kebon, urang ajak badami."

 Meon: "Wah montong moal nyahoeun, jelema teu nyaho di hitut bau diajak badami."


92PAHAYEUK-HAYEUK LEUNGEUN

Hartina = sili jeujeuhkeun (sili belaan)

 Wangsa boga sobat ngaranna Impan, geus cara dulur pet ku hini bae, lulus sagala laku sabab sok sili jeujeuhkeun.

 Wangsa mihapekeun anakna lalaki di Impan, ku Impan eta budak dimemenan dahar pakena sarta di sekolakeun.

 Ari Impan mihapekeun domba, embe, lamun domba atawa embe tea aya nu meuli sarta aya hargana tuluy dijual, dibeulikeun deui ka nu ngora keneh nu alus, atawa duitna dibikeun, naon-naon aya kaduka kasusah sili belaan sili anteur.

 Hiji poe Impan kaanjangan lanceukna Mas Dipa, barang nenjo aya budak lalaki tuluy Dipa nanyakeun pokna, "Anak saha ieu budak teh kasep?"

 Wangsulna: "Putrana Wangsa."

 Mas Dipa: "Naha di dieu?"

 Impan: "Da prantos lami, kawantu sareng sobat dalit tea bae, sok sili jeujeuhkeun dan ngan sareng eta kuring mah pahayeuk-hayeuh leungeun teh."


93PAKOTREK ITEUK

Hartina = nu laki rabi ti bubudak nepi kapada kolot (nini-nini aki-aki)

 Aki Jangga jeung nini Jangga pada ngaliung ku anak incuna nu pada marawakeun, pedah usum hajat.

 Samenehna baralik aki Jangga ngomong ka anak incuna, kieu pokna, "Barudak aing ngabejaan ka awewe ka lalaki, maneh sing balageur ari laki-rabi kudu pada sili pikaheman awak, sing runtut ewe salaki kudu sili elehan maneh, lamun lalaki keur napsu ulah

63