Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/64

Ieu kaca geus divalidasi

ditagenan anggur geuwat singkiran, (ulah dilawan), nya kitu deui awewe keur napsu lalaki kudu geuwat ngelehan maneh, nyingkir sabot ambek, da aing mah ti bujang jeung lanjang ka nini sia nepi ka pakotrek iteuk tacan pasea."


94PAPADON LOS KA KOLONG

Hartina = nu jangji sok tara jadi

 Amdi dina hiji poe papanggih jeung sobatna nu ngaran Tamud, barang gok papanggih ceuk Amdi, "Iraha sumping ti Gunung?"

 Wangsul Tamud, "Kamari kang."

 Amdi: "Naha geuning euweuh bae ka akang?"

 Tamud: "Tacan kabujeng, mangga sore kuring tangtu ngadeuheus, akang ulah euweuh."

 Amdi: "Sae, tapi kade papadon los ka kolong."

 Wangsulna: "Modal."


95PAKOKOLOT SUPA

Hartina = pantaranana umur gesehna ngan saeutik bae

 Nyi Umbi nanya ka Simah, pokna, "Simah ari ilaing geus sabaraha umur?"

 Simah: "Ah duka teuing daekeun 10 taun mah."

 Umbi: "Sageuy sakitu susu wani geus nyeungsreung, atuh 10 taun mah tuh Si Uci."

 Simah: "Ari Umbi geus sabaraha taun?"

 Umbi: "Nurutkeun ceuk ema mah geus ka tujuh welas taun ieu.

 Simah: "Heueuh ari kuring sakumaha atuh?"

 Umbi: "Ilaing mah ceuk ema oge pakokolot supa bae jeung kami."

96PINTER ALING-ALING BODO

Hartina = nu pinter nyieun peta cara nu bodo bodo aling-aling pinter = nu bodo pipinteranan.
64