Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/65

Ieu kaca geus divalidasi

Uman jelema perceka, mangarti kana sagala bisa, tapi tara nembongkeun maneh aing pinter, lampahna lamun naon-naon teh api-api teu bisa bae.

Lain cara Jumat sagala teu bisa tapi cetaanana aing bisa, aing perceka, jadi sakur nu nenjo lampah eta dua jelema sok pahili, ceuk Wira, "Idus dewek ngadenge beja Uman ka Jumat barayana, tapi naha Jumat mah sakitu perlentena, jeung bisa kana sagala, geura Uman mah bodo carang naker takol."

 Wangsulna: "Hih ari Wira Jumat mah jelema teu nyaho naon-naon, dewek mah nyaho enyaan, geura Uman mah enya oge carang takol, sagala jiga teu bisa, eta mah ngan api-api bae jelemana pinter aling-aling bodo ari Si Jumat bodo aling-aling pinter.

97PINDAH PILEUMPANGAN

Hartina = pindah peta asal handap jadi luhur

 Nyi Masrah ewe randa pagaweanana sok ngabajong hui di pasar tuluy dikecerkeun, ana balik kabaturna ngajak, datang ka imahna geuwat nyampeurkeun tatanggana nyaritakeun lalampahan di pasar, jeung budi basa nu hade, kana papait daek tutulung, nu ngaliwat ka hareupeun imahna ditanya disimpangkeun (dicalikeun).

 Hiji poe Nyi Nasrah ditikah ku jelema cukup, sanggeus manehna boga salaki, eureun teu ngabajong deui hui, jeung babaturanana pada kaget, krana ayeuna mah, papakeanana aralus, sarta sapopoe gawena ngan midang bae, ka baturna tatangga jadi haseum budi, ka warung kudu diiring.

 Si Urti urut baturna dagang, ngomong ka Si Bayi pokna, "Bayi ari kami heran ku Nyi Nasrah, sesemuan teh bet asa ieu aing, tadi ditanya ku kami ti batan nembalan mah, anggur ngabalieur."

 Bayi: "Heueuh lain ka ilaing bae kituna teh, ka sarerea oge kitu, kami mah kaget ayeuna bae sanggeus boga salaki jadi pindah pileumpangan."

65