Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/66

Ieu kaca geus divalidasi

98POTOL TEKO

Hartina = lalaki nu geus teu boga naon-naon mun ka awewe disebutna potol jarum

 Ki Salam jelema kaya, pagaweanana unggal-unggal poe ngan ngadohot bae ngadu, nya eta sintir keles, kecek tutupan, ceken, tiga puluh, kocok, neguh manggu, ngadu puyuh jeung ngadu hayam.

 Ku sabab dilajur karepna beak bandana, nya eta sawah kebon titingggal bapana beak dijualan, malah papakean saraket dina awak oge beak digadekeun, unggal poe manehna ngalinjing bae di pangaduan, make papakean butut beunang nginjeum.

 Heesna surak-serok di mana bae nu ngajak.

 Dina hiji poe datang tatamu ti sejen nagara hayangeun ngadu, tuluy nitah neangan lawan. Ceuk bapa Samar ka Si Darga,

 "Darga cing ki Salam teang bejakeun cèuk dewek aya musuh."

 Darga: "Wah ari akang naha teu ngadangu, kapan Ki Salam teh geus potol teko."

99PURAGA TAMBA KADENDA

Hartina = nu ngalampahkeun titahan lamo aya bukti baris jogo (henteu jeung hadena)

 Isuk-isuk eteh Sari geus nitah ka incuna ngaran Si Sai nyiram kebon lobak, ceuk eteh Sari, "Sai sia ulah ulin teuing, cing itu kebon lobak geura siram, sing hade, jeung pagerna kerepan bisi hayam arasup."

 Si Sai bangkerut tuluy nyokot ember, sarta pek nyiram, demi nyiramna dapon bae baseuh ti luhurna, sanggeusna tuluy ngomean pager direrekep, tapi ngan sabeulah da kaburu disampeur ulin ku baturna.

 Barang eteh Sari mariksa, lobakna disiram sawareh, jeung ngan ukur bae, ditenjo deui pager ngan diomean sabeulah, harita keneh Si Sai diteangan, ari geus kapanggih tuluy dirangket bari dicarekan, pokna, "Ayeuna sia geura undur ulah cicing di aing, budak goreng gawe unggal-unggal dititah tara nurut rajeun nurut sok goreng gawe puraga tamba kadenda bae."

66