Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/67

Ieu kaca geus divalidasi

100WIWIRANG DI KOLONG CATANG NYA GEDE NYA PANJANG

Hartina = wiwirang nu panggedena (wiwirang taya nu ngungkulan) lila erana (erana panjang)

 Ujang Usen geus bujang lepas ngomong bae ka indungna, pokna, "Ema kuring geus meujeuhna nyaba ka sejen nagara, hayang nyiar luang, da ari ngulukutek di dieu mah kuring moal aya kanyaho."

 Indung: "Hih ulah Ujang naha ari ema jeung saha, ayeuna mah geura boga pamajikan bae, tuh ka Nyi Badra geulis naker."

 Ujang: "Wah ema moal daekeun da itu mah jelema kaya."

 Indung: "Moal burung daekeun, da jelema geus lanjang meureun hayangeun geura boga salaki."

 Ujang nurut tuluy indit nanyaan, tapi gagal sarta tetembalna sugal pokna, "Kuring mah tacan niat lakian, keur naon boga salaki kapalang-palang mah, leuwih hade kieu bae, sumawonna ku palebah ujang Usen daek, masih ku sudagar oge embung, nu teu cocog-cocog mah."

 Ujang Usen balik ka indungna barang datang pokna, "Tuh ema da teu daekeun naha atuh ceuk ema tadi moal burung daekeun, jadi kuring ayeuna meunang wiwirang gede, sakitu bae wiwirang di kolong catang mah nya gede nya panjang, ari ayeuna kuring rek nyaba tea bae nyingkiran ka era."

67