Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/7

Ieu kaca geus divalidasi

1 ASA DITONJOK CONGCOT

Hartina = atoh kacida (bungah pisan)

 Dina malem Jumaah Nyi Mista ngahuleng bae bari nungguan anakna gering, bingung saperkara keueung teu aya batur ngomong-ngomong acan, kadua teu aya ubar, teu aya minyak-minyak acan, jadi nungguan nu gering teh sacaang-caangna ti hawu bae.

 Sabot manehna ngahurungkeun seuneu kira pukul sapuluh, gurupak bae bibina datang ti sejen lembur rek milu mondok, isukna rek ka Cerebon sarta mawa bebekelan. Nyi Mista atoheun pisan puguh sakitu keur keueungna ayeuna aya nu ngarereb tur baraya, tuluy ngomong pokna, ”Lah bibi kuring teh bungah kacida eukeur mah keueung ayeuna bibi sumping, wani asa ditonjok congcot bae”.

2 ATI PUTIH BADAN BODAS

Hartina = tomada nuduhkeun teu aya pikir goreng (masrahkeun badan tina tumarima kasalahan)

 Kira wanci pecat rakitan, Asep Ubun jelema santana sarta kaya, indit ti imahna bebedil manuk ka pilemburan, diiring ku dua bujang, barang datang ka hiji lembur sisi leuweung, Asep nenjo hiji munding keur nyatuan. Asep geuwat jeung bujang-bujangna arasup ka nu bala, karepna rek nyingsieunan munding tea, ti nu bala Asep tuluy nurutan sora maung. Barang munding ngadenge sora cara sora maung, munding ajret-ajret sieuneun.

 Ambu Saban anu rek ngala cai ka pancuran, manehna ngagandong kele ngajingjing kukuk, barang nenjo munding lumpat, sarta ngadenge sora ngahaung, tuluy bae lumpat meak-meakeun tanagana, bari mawa kele kosong, barang kira geus meunang sapanyeluk, manehna ngalieuk ka palebah Asep, bet aya jelema ma-

7