Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/224

Ieu kaca geus divalidasi
218

di nagara Těkoa, koe Pangeran didjenengkeun nabi; toeloej ngoewarkeun roeboehna karadjaän Joeda, anoe měngke, sarta pasal 9: 11 miwědjang karadjaän Dawoed bakal diadegkeun deui koe Kristoes; kijeu lahirna: „Dina mangsa eta kami rek ngadegkeun deui balandongan Dawoed noe boekrak-bakrek; ari noe beulah rek diomean, sarta noe roeksah diaděgkeun, nja rek didjelégkeun deui satjara djaman baheula!” Dina kitab nabi Obadya aja piwědjang moenggoeh bangsa Edom anoe ngamoesoeh ka oerang Israil.

§ 80. Nabi Joenoes

1. Hidji mangsa aja pangandika Pangeran ka Joenoes, kijeu pangandikana: „Geura dangdan, bral leumpang ka Niněve (nja eta dajeuh tanah Asoer), ngoewarkeun pitjilakaeunana; karana kagorenganana geus oenggah ka hareupeun kami.” Prak Joenoes teh dangdan, seng toeroen kana hidji kapal, sědja minggat ti pajoeneun Pangeran. Ladjeng Pangeran ninggangkeun angin gede ka laoet, datang ka kapal rasana rek bědjad. Tidinja oerang kapal teh sasambat, masing-masing ka aällahanana. Ari Joenoes mah geus toeroen ka noe pangdjěrona dina kapal, keur ngěděng sarta sare tibra. Toeloej Joenoes disampeurkeun koc kapala istriman; ari sacerna ka Joenoes: „Naha sampejan wět sare? Geura hoedang, sasambat ka batara sampejan!” Tidinja oerang kapal ngaromong djeung batoerna: „Hajoe, oerang lotere, soepaja oerang terang, anoe mana noe matak oerang katjilakaän sakijen.” Pek lotere; ana keuna lotere teh ka Joenoes. Pok pada ngomong ka Joenoes: „Sampejan bangsa naon?" Ngadjawab Joenoes: „Kaoela oerang Ibrani, sarta ibadah ka Pangeran, Allah sawarga, noe ngadaměl laoet djeung darat teja, sarta kaoela minggat ti pajoeneunana.” Ngaromongna deui: „Sampejan koedoe dikoemahakeun koe kaoela, soepaja laoet teh djempe?” Ari djawabna ka maranebanana; Kaoela djoengdjoengkeun, sarta koentjlocngkeun ka laoet, mangke laost djempe; karana kaoela njaho, maraneh pangkataradjang