Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/34

Ieu kaca geus divalidasi
28


timbalanana: „Moal koe kami diroeksak koe karana noe sapoeloeh.” Barang parantos Pangeran ngandika ka Ibrahim, ladjěng angkat; děmi Ibrahim moelih ka ĕnggonna.


§ 12. Sadoemoe djeung Gomora.

(1 Moesa 19.)

1. Ari eta doewa malaikat teja saroempingna ka Sadoemoe wantji boerit. Kaběněran Éloet keur tjalik dina lawang Sadoemoe. Barang katingali koe Éloet, neut indit mapagkeun, brěk soedjoed, njoeoeh kana taneuh, sarta mihatoer kijeu: „Noen Djoeragan! moegi sarindang ka rorompok abdi gamparan, sarawoeh koelěm.” Sarta Eloet liwat saking nja ngeukeuhan ka noe doewaän; seug sindang ka andjeunna, pada lébět ka boemina. Samemeh noe doewaän arebog, boeroeboel oerang nagara eta, kolot-boedak, ngalingkoengan ka eta imah. Geus kitoe pada njěloekan Eloet, sarta ngaromong kijeu ka andjeunna: „Di mana eta djalma noe daratang ka maneh peuting ijeu? Geura ka-loewarkeun ka koela sakabeh.” Tidinja Eloet ka loewar, bari meundeutkeun pantona poengkoereunana. Pok misaoer kijeu: „Eh doeloer-doeloer! poma oelah milampah kagorengan kitoe.” Děmi omongan djalma-djalma teja: „Geura iser ka dijeu! Eta mah hidji djalma pangdatangna dek njemah, padahal sok ngahoekoeman-boekoeman bae.” Toeloej pada haběn ngarangsig ka Eloet, sarta ngaděsek-děsék, dek ngaroeksakkeun pantona. Gantjang djalma noe doewa teja njodorkeun pananganana, pek Éloet dikeumbing ka arandjeunna, ka djěro imah, bari pantona dipeundeutkeun. Sarta eta djalma-djalma noe di hareupeun lawang imah teja digěboegan dibaroetakeun, wěleh njaroesahkeun maneh manggih lawangna. Tidinja eta doewa djalma ngalahir ka Éloet: „Saha ahli maneh di dijeu? Geura ka-loewarkeun ti ieu enggon; karana kami koe Pangeran pada dipiwarang ngaroeksak inja." Bral Eloet ka loewar, misaoer kanoe doewa piminantoeëunana, noe rek ngawin ka poetrana noe istri; kijeu saoerna: „Geura dangdan, geuwat ka loewar ti ieu enggon; karana Pangeran kěrsa ngaroeksakkeun ieu nagara.”