Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/155

Ieu kaca can diuji baca
119
 

mangoengkoeng saloehoer ing koeöeng-koeöeng,
mangangkang saloehoer ing madja gantang,
tjalik dina tanpoe angin,
dat sarapat, dat sarapat.”

Aki-aki toeloej ngedjat, langkoeng gantjang lampah Aki.

Teu kakotjap di djalanna; kotjapkeun datangna bae.

Datangna ka tadah poëk, kaboeroe koe waktoe boerit, pek Aki teh miroeha karepna dek dangdan obor, oborna geus anggeus bae malah geus diseungeutkeun. Tatapi Aki teh ngomong sarta sorangan bae, ari pokna: „em, moegi-moegi sing troes ka anak intjoe katelah lemboer Tji-damar sapedah oeroet aing peuting dadamaran.”

Keur ngomong kitoe, beh manggih tamiang sadapoer pisan, ari pokna: „dalah, kabeneran bet aja tamiang aloes serta tamiang hideung asoep kana paroengpoeng; toeloej koe Aki diala ditoear koe koedjang tea.

Gantjangna Aki balagantrang toeloej bae balik sanggeusna meunang pisoempiteun aloes.

Teu katjarita di djalanna.

Gantjangna geus datang bae ka babakan Geger soenten njampak Nini reudjeung moerangkalih.

Aki toeloej ngomong, ari pokna: „goesti, Aki teh geus datang, tah! ieu pisoempiteun teh ajeuna Aki geus meunang.”

„Noehoen, Aki, kadieukeun eta pisoempiteun dek didjieun?”

Sok bae koe Aki disanggakeun, tapi moerangkalih sasaoeran deui, moendoet dipangalakeun pikodjaeun.

Ari pokna: „Aki, ajeuna geura leumpang pangalakeun areuj kasoengka.”

„Soemangga, goesti.”

Gantjangna Aki pek indit bari njatjar kasoengka; geus meunang toeloej dibikeun.

„Asep, soemangga, ieu pikodjaeun tea.”

„Atoeh, Aki, djieun bae doeaan, koe Aki reudjeung koe Nini.”

Toeloej Aki njaloekan ka Nini, ari pokna: „Nini, oelah djongdjon teuing ngala toema dina samping.”

„Ngadjentjoel soteh lain eukeur ngala toema, eukeur ngahoeaän irateun, kaoela rek njieun koekoelar.”

„Paingan teuing ari heës djeung aing teh sok getek bae kana kelek, horeng teh toemboe koekoelar, ajeuna mah oelah kitoe, anggoer oerang njieun kodja.”

Pek Aki anoe meulahan, Nini noe poerah maoed, moerangkalih noe ngarara.

Tina gantjangna moerangkalih enggeus njieunna rara, geus loba, toeloej sasaoeran ka Aki: „geura pek Aki, geura djeudjeutkeun.”

„Soemangga, tapi sakoemaha beungeut kodja teh?”

„Sadeupa mider ge, Aki, meudjeuhna.”

„Atoeh, njieun kodja tjetjetekan meureun asoep keroed sapoeloeh mah.”

„Eh, ma Aki, lain piwadaheun maoeng, eta piwadaheun manoek.”

Pek Aki ngadjeudjeut kodja ninggang kana dengdek lohor.