Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/82

Ieu kaca can diuji baca

C.

TJARITANA

NJAI SOEMOER BANDOENG

NOE DIGARWAÄN

KOE

PRABOE GOEROE GANTANGAN

RATOE PADJADJARAN

______

Kawarnaha kang djoemeneng ratoe Padjadjaran, djenenganana Praboe Sena Pakoean Menak oerang Padjadjaran Praboe Goeroe Gantangan, ngadaoeh ka papatih dalapan poeloeh : „ajeuna koedoe nakol bende di paseban ngoempoelkeun ponggawa-ponggawa kabeh, krana kami dek miwarang ngalamar ka nagara Bitoeng Woeloeng, ka Njai Soemoer Bandoeng, saderekna Koeda Pati Langen Sari, katjdoek ka awoen-awoen, kakotjap ka djanaprija[1] tina kaaloesanana."

Sakitoe daoehan ratoe.

Oendjoekan papatih dalapan poeloeh : „noen, goesti Goeroe, sembaheun, hatoer soemangga ; toetas daoeh gamparan, abdi hatoer amit, kaoelanoen."

Toeloej indit papatih dalapan poeloeh ka paseban nakol bende ngoem- poelkeun parasaderek sadajana, rehna aja daoehan kangdjeng ratoe sakitoe.

„Ajeuna oerang koedoe iang ka nagara Bitoeng Woeloeng, sakitoe daoehan ratoe."

Oendjoekan parasaderek sadajana pisan : „abdi-abdi kabeh teu aja noe saranggoep iang ka nagara Bitoeng Woeloeng."

Barang ti dinja papatih dalapan poeloeh oendjoekan deui ka goesti : „abdi-abdi njanggakeun beuheung teukteukeun, soekoe genteng bdokeun, rehna henteu aja noe werat iang ka nagara Bitoeng Woeloeng."

Katjarios djenenganna Njai Raden Atji Kembang Majang Soenda, saderekna ratoe praboe, oendjoekan ka rakana : „noen, kangdjeng raka, awon teu kapioendjoek

  1. Djanaprija is bekend uit de Javaansche wangsalan en beteekent: beroemd en vermaard. Sanskrit djanaprija van de mensehen bemind. Zie: Jav. Nederd. Wdb. i. v. djanaprija.