Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/109

Ieu kaca geus divalidasi
110
 

Paribasa teu aya monyét hideungna,
Rurut rérét duwa jin ngalér jeung ngidul.

13.

Geus bingung manéhna,
Barang ngarérét ka kulon,
Bet katingal jalma anu eukeur moyan.

14.

Enya éta Radén Ahmad nu ngajentul,
Moyan jeung nundutan,
Ngalangkung calik nu lesu,
Carék ejin ka rakana sasauran.

15.

Itu akang aya jalma keur ngajentul,
Sugan urang manusa,
Jeung urang tepangan baé,
Sok binangkit kana sagala aturan.

16.

Hayu urang ayeuna ménta tulung,
Hayu cék rakana,
Jeung urang sampeurkeun baé,
Sagancangna duwa jin nyampeurkeun Ahmad.

17.

Enggeus dongkap duwa jin ka Ahmad jemur,
Kagét Ahmad ningali,
Énggalna putra jin naros,
Pangapunten ajengan anu keur lenggah.

18.

Jisim kuring seja naros anu saéstu,
Kalengking (?) ajengan,
Bangsa naon ajengan téh,
Bangsa ejin atawa bangsa manusa.

19.

Radén Ahmad gancangan ani saistu,
Yaktosna kaula,
Lain bangsa jin kula téh,
Istu kula bangsa putra kamanusan.

20.

Na kumaha agus matak naros kitu,
// karana pun kakang,       (58)