Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/181

Ieu kaca geus divalidasi
182
 

Baruwang geus wadis,
Sok motongkeun umur.

18.

Abong enya manéh turunan aji,
Peletik nya olo-olo,
Ménak aing teu deungeun téh,
Nyapirakeun pangarti,
Ngahinakeun teuing,
Termuh padahal lain kitu.

19.

Najan ménak jeung bangsa kuring,
Hanteu bina omong,
Sakaliyan jeung sato gé,
Teu hadé ngahina teuing,
Ulah teu mustahil,
Éta tunggal mahluk.

20.

Kitu deui alah teu mustahil,
Loba conto-conto,
Batu turun keusik naék aya,
Aya ménak jadi kuring,
Kitu deui kuring,
Aya nu jadi ratu.

21.

Sanget iyeu diri kami,
Rék agul mah yaktos,
Saperti diri manéh,
Bener anak randa kami,
Ayeuna indung kami,
Yén tukang buburuh.

22.

Tukang kebon di manéh téh kuli,
Tatapi baréto,
Keur ngora mah memang Radén,
Nyéta salaki indung kami,
Aing anak ratu,