Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/27

Ieu kaca geus divalidasi
28
 

Léos baé pada mulih,
Gancang catur geus sumping ka Karandan.

22.

Nyampak ibuna keur gugah,
Ngan Nangkoda tacan tangi,
Rahadén Ahmad Muhammad,
Manukna teu katingali,
Ka ibu ngagero tarik,
Ibu-ibu mana manuk,
Bet teu aya jeung kurungna,
Ibuna kagét ningali,
Bari matur sukur // ujang pada dongkap.   (17)

23.

Seug geura dangukeun Ujang,
Murangkalih berek caralik,
Ibuna énggal ngandika,
Manuk ujang téh dipeuneit,
Ari nu matak dipeuncit,
Sabab ayeuna téh ibu,
Pendekan enggeus lakian,
Ka Nangkoda urang Habsi,
Jadi urang bakal gaduh piramaan.

24.

Malah keur kulem ayeuna,
Itu dina ranjang katil,
Ari perkara manuk mah,
Éta nu matak dipeuncit,
Rék dianggo landing meungi,
Ku tuang rama dipundut,
Ayeuna gé keur digang-gang,
Wayahna ulah narangis,
Da manuk mah isuk ogé digantian.

25.

Rahadén Ahmad Muhammad,
Barang rérét manuk geus garing,