Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/286

Ieu kaca geus divalidasi
287
 

Sim abdi mun geus dibayar,
Sanggup ngadatangkeun maling,
Ngaran sim Ahmad Muhammad,
Tina abdi sobat dalit.

10.

Paribasa sobat betul,
Manawi ayeuna abdi,
Geus taya deui unjukan,
Kantun ngantosan hukum abdi,
Nya éta putus gamparan,
Ki Nangkoda kitu deui.

11.

Ku Sultan Mesir kadangu,
Énggal ngalirik ka rayi,
Nya éta ka raja Ahmad,
Ngiceupan Sultan Mesir,
Geus kahartos ku Dén Ahmad,
Jung indit jeung nyebut keris.

12.

Raja Ahmad jeung ngadawuh,
Aéh manéh sudagar Habsi,
Jeung deui aya pandita,
Kami rék nerapkeun adil,
Nya éta hukum adil téa,
Manéh duanana julig.

13.

Éta anu gaduh manuk,
Manuk batur dipareuncit,
Nya sing Ahmad Muhammad,
Gejos disuduk ku keris,
Nangkoda eujeung pandita,
Lengger ka pada marati.

14.

Gandék Nangkoda pun Biju,
Ningal ti lawang jeung ceurik,
Juragan geus bayar,