Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/384

Ieu kaca geus divalidasi
385
 
22.

Radén Ahmad geura ngarangkul jeung nyaur,
Ku Nyai pujaning ati,
Ulah aya manah kitu,
Sugan téh lain ku Nyai,
Panahna si Sundan kahot.

23.

Ari puguh Nyai mah mungguh sanafsu,
Sapapait samamanis,
Sakawiwirang sakabingung,
Sakasedih sakanyeri,
Cindekna mah akang téh baktos.

24.

Ayeuna mah antos ku Nyai di Pungkur,
Dina Pasanggrahan Mesir,
Barang eukeur gunem catur,
Radén Wiramaya sumping //,         (173)
Nyandak pecut kilat kaos.

25.

Nya éta pecut nu direbut musuh,
Ku Dén Ahmad geus ditampi,
Dewi Soja unjuk hatur,
Kang rayi sageud (?) amit,
Dék ngabujeng heula ka katon.

26.

Kuraesin Ermaya jeung Wiramanu,