Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/89

Ieu kaca geus divalidasi
90
 

Barang kami tanah kami.

3.

Upama lalaki sadu,
Naha mana teu permisi,
Jeung saha emban nu terang,
Kami tacan béja sidik,
Kocap aya hiji emban,
Nu terang matur ka putri.

4.

Sim abdi hatur piunjuk,
Carék wartos éta,
Sidik éta téh anak Nyi randa,
Ti leutik nembé papanggih,
Asal matuhna di Esam,
Jeung ibu kakarék panggih.

5.

Tapi kasép liwat langkung,
Ngéléhkeun ka Urang Mesir,
Malah ceuk hiji carita,
Sarimbag jeung Sultan Mesir,
Siti Bagdad seug ngandika,
Tah kitu numawi sidik.

6.

Omongan matak kasiku,
Nya mikeun ka Sultan Mesir,
Tur éta // keur rarasaan,   (48)
Hamo aya anu tanding,
Kasépan ka raja urang,
Éta mah enggeus kaharti.

7.

Nu omonganana kitu,
Ana boga teu kabukti,
Anu hayang teu kasorang,
Anu mihadam miasih,
Akon-akon malar seja,
Malar saji hayang kapuji.