ka panghulu kula geus ngarti,
arék badami heula,
jeung sabatur-batur,
tidinya salah urang,
para ponggawa panghulu reujeung papatih,
cindekna geus kumpulan.
16. Geusan Ulun geus milahir ka patih,
bapa patih kudu saraksian,
rawuh panghulu Cirebon,
sarehna kula ngingu,
istri anu boga salaki,
Nyi Ratu Harisbaya,
ka salaki nusud,
geus ninggalkeun salakina,
teu puruneun manéhna balik deui,
hayangna tetep dikula.
17. Ti ayeuna kaula téh jangji,
saraksian ku sakur nu aya,
rawuh panghulu Cirebon,
réh Harisbaya nusud,
tanpa pamit tinggal salaki, //
saayeuna manéhna,
nu masih ka kurung,
ku tikahna Girilaya,
pambrih leupas tina salaki,
rék dibeuli tolakna.
17. Tapi lain dibeuli ku duit,
dibeulina ku tanah,
ti Sumedang ngétan,
ngalér kidul sirah Cilubang,
turut sisi walunagn cai,
Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/101
Ieu kaca geus divalidasi
101