Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/63

Ieu kaca geus divalidasi
63
 

    Ki Nyai para ulama.

  1. Ngahususkeun élmu dahkik,
    di waktu jaman harita,
    luluguna di Cirebon,
    nu agem ngolah agama,
    réhna loba urang Arab,
    ayeuna gancang kacatur,
    saur Pangéran Girilaya.

  2. Ka sadaya para alim,
    supaya sakabéh terang,
    kawula keur bungah haté,
    enggeus tangtu ka rujukan,
    yén kawula ayeuna,
    ieu kasémahan dulur,
    bopatina ti Sumedang.

17. Pupuh Kinanti


  1. Ti dinya pada marunjung,
    para alim siligenti,
    Geusan Ulun suka manah,
    ningal kumpul para alim,
    ku Pangĕran Girilaya,
    ditujulkeun hiji-hiji.

  2. Anu anom anu sepuh,
    dijenengan para alim,
    Geusan Ulun suka manah,//28
    lajeng nganggo para alim,
    pilahirna ka sadaya,
    nuhun jeung andum pamuji.

  3. Ramé muslim unjuk nuhun,