Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/66

Ieu kaca geus divalidasi
66
 

  1. Sarupa puyuh keur tarung,
    duanana pada nangis,
    bawaning kaliwat suka,
    manahna pameget istri,
    teu nyana ganeang laksana,
    beunang mikir beurang peuting.


  2. Kacatur Ki Sayang Hawu,
    kacida atina ketir,
    hookeun ningal gustina,
    pikirna banget nya watir,
    Ki Sayang Hawu unjukan,
    aduh deudeuh teuing gusti.


  3. Tanpa guna sedih kalbu,
    ayeuna pihatur abdi,
    langkung saé urang jengkar,
    urang mulih sapeupeuting,
    montong rék sumelang manah,
    jamakna tanda lalaki.


  4. (...) na aya nu nyusul,
    montong rék sumelang galih,
    abdi enggeus ihlas pisan,
    pecah dada mucrat getih,
    ku Geusan Ulun kamanah,
    ajang nyaur ka Nyi putri.


  5. Ku eulis tangtu kadangu,
    bieu pihaturna aki,
    mun ĕstu sapuk jeung manah,
    hayu atuh urang indit, //

    29


    pihaturna Harisbaya,