Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/75

Ieu kaca geus divalidasi
75
 


  1. Gancangna téh nyaur Ki nyai patih,
    dawuhanana Pangeran Girilaya,
    bapa patih ayeuna téh,
    urang montong rék gugup,
    enya ogé sidik dipaling,
    Nyi Ratu Harisbaya,
    ku si Gesan Ulun,
    tangtu enggeus di Sumedang,
    tapi urang kudu nyaho sidik,
    na dimana cicingna.

  2. Lajeng baé ngawalonan patih,
    maksud abdi badé ngajurungan,
    nu rupa dagang pépéték,
    nya éta badé nyamur,
    di dituna ulah katawis,
    badé milih abdina,
    nu badé dijurung,
    ku Girilaya kamanah,
    pilahirna rempug pisan bapa patih,
    gancangna baé milampah.

  3. Sanggeus kitu tuluy baé patih,
    nyiar anu beunang dipercaya,
    gancangna geus meunang baé,
    dua jalma geus laju,
    ku Sumedang lakuna demit,
    sarupa nu dagang,
    dagang lauk laut,
    layur pépéték jeung peda,
    teu kacatur dijalanna enggeus tepi,
    datangna ka Sumedang.