Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/81

Ieu kaca geus divalidasi
81
 
    kadĕngĕ aromongna,
    ku Ki Sayang Hawu,
    tuluy indit lalaunan,
    Sayang Hawu leumpangna téh api-api,
    ripuh rarampayakan.

  1. Kundang iteuk ku awi sapasi,
    sanggeus jauh ti nu ngumpul téa,
    tuluy gagancangan baé,
    mareuk ka Geusan Ulun,
    terus unjuka salaku tadi,
    réh ratusan baladna,
    ti Cirebon ngumpul,
    gugundukan tengah jalan,
    jeung manéhna nyamur jiga aki,
    jeung barina tatanya.

  2. Aromongna wadiya balad tadi,
    kaunjukeun taya nu kaliwat,
    Geusan Ulun mindel ngomong,
    pamikir Sayang Hawu,
    gustina sumelang galih,
    Sayang Hawu unjukan,
    agung panuhun,
    montong rék sumelang manah,
    rehing badé urang téh dirurug jurit,
    ka baladna Girilaya.

  3. Najan tambah baladna perjurit,
    asa teu gimir bulu salambar,
    diketrukeun sa Cirebon,
    baréto nu nyarusul,
    geuning kabéh malabur miris,
    abdi neda jiadna,