Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/16

Ieu kaca geus divalidasi

DANDANGGULA

Pasosore waktu asar ahir, kabeneran keur hade poena, srangenge geus dengdek ngulon, reyem-reyem rek surup, urut panas kagentos tiis, nyegerkeun ka salira, sorot surya ngempur, marakbak di awang-awang, semu kuning jeg pisan emas disangling, nyorotan sabuana.

Mega beureum marakbak di langit, tutumplukan siga gunung emas, kawas hirup tingsoloyong, nyukakeun nu ngalantung, nu maridang kenging ngaginding, ngareureuhkeun salira, tina damel ripuh, urut sadinten usaha, rupi-rupi enggoning nyukakeun galih, nurutkeun kasenengna.

Di buruan barudak arulin, raramean pada sukan-sukan, aya nu galah nu tagon, ear budak lalembut, aya anu seuri nu ceurik, kateumbag ku baturna, rame guyur ibur, kolotna dariuk ningal, redes baris di hareup bari ngaluis, kenging gentos pakean.

Ngawarangkong semu suka ati, diuk bari nyanding kadaharan, aya cikopi cienteh, awewena ngabaku, ngagedengkeun tampekan nyangding, aremok dina samak, ngeluk bari ngaput, nu ngarenda sisiaran, rupi-rupi polah jalma henteu sami, nurutkeun kasukana.

Kacaturkeun kampung Sukasari, lembur gede tur gegek eusina, geus ngabaku unggal sore, di hareup ngalalimbung, waktu eta ngan Mas Sobari, jeung istrina Patimah, henteu milu campur, najan poe nuju lenglang, hawa sore matak nyegerkeun jasmani, ngegarkeun mamanahan.

Tapi pikeun mungguh Mas Sobari, henteu matak jadi kasenangan, teu jadi panglejar hate, malah wuwuh nguluwut, tambah nyuat sumeblak pikir, inget kana dirina, keur jaman kapungkur, waktu keur sagala aya, hejo lemok rea duit buncir leuit, teu aya kakurangan.

Wantu-wantu eta Mas Sobari, asa jalma jagjag tur waringkas, sarta posokol jeung getol, nyiar kipayah suhud turug-turug rajin jeung apik, bisa ngeureut-miceunna, rejekina cukup, boga kebon boga sawah, beubeunangan asal tina kuli-kuli, ngaborong pagawean.

13