Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/18

Ieu kaca geus divalidasi

putra sahiji, remen diceungceurikan diambung dirangkul, dihujanan ku cisoca, tina henteu bisa ngabuktikeun asih, mukprukan ka putrana.

Mas Sobari pon nya kitu deui, tina sanget welas ka putrana, ka Patimah kitu keneh, nyaah dumeh ku suhud, ngawulaanana salaki, estu taya bedana, ti jaman keur cukup, nepi ka miskinna pisan, tetep mantep ngawulana bela pati, teu daek bengkok sembah.

Hiji mangsa Sobari ngalahir, ka raina semu nu nalangsa, kumaha engkang teh Imoh, reh ku engkang diitung, tujuh taun nandangan gering, beak akal tarekah, enggoning panuhun, tina hayang deui jagjag, nu dipalar engkang bisa kuli deui, usaha jeug baheula.

Tapi kabeh maksud engkang jalir, rasa engkang pondok pangharepan, kana cageurna deui teh, ngan kari tunggu umur, tina kitu ngan bati watir, ka maneh jeung ka budak, pikir engkang tangtu, salawasna ngan balangsak, leuheung basa mun engkang nepi ka pati, tereh nemahan ajal.

Meureun Imoh moal pusing teuing, da bubuhan Imoh masih ngora, meureun boga deui jodo, aya anu mihukum, tatapina mun engkang masih, panjang nemahan lara, teu paeh teu hirup, tangtu engkang moal iklas, neuleu Imoh salawasna nandang nyeri, balangsak sapanjangna.

Sabab eta ku engkang dipikir, kajeun engkang sangsara sorangan, ti batan mamawa Imoh, pikir engkang mun rempug, sarta Imoh mun boga ati, geus rasa henteu kuat, nandangan kabingung, enggon ngawulaan engkang, sugan pareng Imoh boga jodo deui, aya anu miheman

Kumaha mun engkang erek indit, itung-itung menta diparaban, bari jeung tatamba bae, di rumah sakit matuh, niat engkang rek asup miskin, tatamba moal mayar, Imoh jongjon tangtu, ngurusan diri sorangan, meureun moal pati ripuh-ripuh teuing, ngan engkang titip budak.

Nyi Patimah ngupingkeun jeung nangis, unghak-inghak nyusutan cimata, bawaning ku ngenes hate, ngawalon jeung sumegruk, tina welas ka Mas Sobari, ku Patimah kapaham, yen

15