Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/22

Ieu kaca geus divalidasi

dilamotan, pili genti jeung Si Kasim, lah ma ku hoyong deui, buah nu cara​​ kapungkur, di warung oge loba, mama mah teu kersa meuli, ngomongna teh Salim jeung ajret-ajretan.

Bari jeung kakalecian, nya eta ku dukuh pentil, Sobari ningal putrana, suka pabaur jeung sedih, ngenes lebeting galih, suka dumeh putra lucu, dukana reh teu aya, pikeun ngamong-mong miasih, bati ngenes galihna ngan wungkul welas.

Ras emut ka salirana, reh penyakit enggeus lami, galihna taya harepan, kana jagjag cageur deui, jeug baheula bihari, galihna bati rumanjug, ras ka Salim putrana, kumaha engke di ahir, lamun aing enggeus nepi kana ajal.

Saha anu mikawelas, nu miasih mere harti, hirupna tangtu balangsak, kitu manahna Sobari, kawuwuh tambah deui, Nyi Patimah eukeur ngandung, reuneuh geus tilu bulan, galihna beuki nyelekit, lempes soteh emut kana kapastian.

Kakara sadrah sumerah, ras emut ka Maha Suci, seug maca taud sisinglar, masa Allah aing musrik, istigpar tilu kali, sasambat ka Maha Agung, abdi neda hampura, naha abdi henteu eling, kawas abdi teu percanten ka Pangeran.

Kapan Gusti nu kawasa, nu ngadamel bumi langit, alam sareng saeusina, tangtos Gusti nu miasih, aya di tangan Gusti, paeh-hirupna nu ngatur, untung sareng rugina, bagja-cilakana deui, diri abdi anging darma wawayangan.

Henteu daya teu upaya, usik malik kersa Gusti, sumangga abdi sumerah, anak abdi mung sahiji, sanajan nyawa abdi, iklas sumangga kahatur, Sobari deui maca, subhanallah tilu kali, bari ebog jeung maca alhamdulillah.

ASMARANDANA.

Beurang rek kasaput peuting, panonpoe geus reupreupan, tonggeret ngear ngadenger, sorana angin-anginan, lalay pasuliberan, ciciren srangenge surup, gaang ngeang ’na liangna.

Piit disarada ricit tingkahlayang kana sayang, bangkong kangkengkong di kolong, gagak ngelak tinggaroak, kawas mere alamat, ka Patimah nu keur nguyung, nguyung ku anu teu damang.

19