Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/23

Ieu kaca geus divalidasi

Nyi Patimah cukah-cikih, barang damel kaburitan, kohkol bedug enggeus nongtrong, alamat waktuna salat, magrib sedeng ninggangna, Nyi Patimah gura-giru, gancang nyait seuseupanan.

Sanggeus rapih gusak-gasik, ka cai sumeja abdas, henteu nolih ka nu sejen, magrib sieun kaahiran, di dapur patulayah, lalayah kancah jeung suluh, ngalayah sakuliahna.

Barang rek bral pisan indit, ras deui emut ka raka, bisi geus palayeun ngarot, seug nyician cai heula, sampeu geus dipiringan, gancang disodorkeun tuluy, nyampak raka kulem tibra.

Ngaredeng jeung Ujang Salim, ebog teu make amparan, di tengah bumi ngahojod, teu dibantal-bantal acan, Salim ge sare tibra, capeeun tas ujrag-ajrug, tas ulin kakalecian.

Nyi Patimah gancang indit, ka cai sumeja abdas, manehna ngarasa kaget, teu ara ti sasarina, leuleus ngenes baluas, kawas nu di pupul bayu, leumpangna rarampeolan.

Keur leuleus katambah sedih, nguping tonggeret disada, sorana tarik ngadenger, teu ara ti sasarina, reuwas campur jeung waas, rasana nangtung di gunung, di tengah leuweung nyorangan.

Jerit deui sora cihcir, Patimah datang ka ngejat, malaweung jeung rurat-reret, ningal ka madahab papat, bari maca istigpar, hulang-huleng tungtang-tangtung, ka cai teu kaur datang.

Rarasaanana ngimpi, ningal ka wetan bayeungyang, ka kulon raos melewong, ningal ka kaler kalelar, jarauh panineungan, ningal ka kidul baringung, raosna jagat rek rungkad.

Ka cai teu burung nepi, kalah ku tina dipaksa, gura-giru abdas bae, tuluy mulih gagancangan, lajeng sidakep ngiblat, netepan magrib geus tutug, tatag henteu aya waswas.

Sanggeus aweh salam tartib, Patimah tras pupujian, maca salawat jeung tasbeh, rupa-rupa dodoaan, wiridan ti guruna, dasar Nyi Patimah suhud, tuhuna kana agama.

Medem surem tengah bumi, kawantu cempor damarna, seuneuna nyenet meletet, ngan saukur hawar-hawar, lajeng Nyai Patimah, ka Ujang Salim ngaburu, putrana diguyah-guyah.

Ujang tanghi, Ujang tanghi, geura hudang yeuh sareupna,

20