Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/24

Ieu kaca geus divalidasi

Salim hudang ngagoloyoh, kana lahunan ibuna, ku ibu diusapan, bari dirawu dipangku, dikalemoh diciuman.

Saur ibuna ka Salim, cik Ujang gugahkeun mama, bisi geus palayeun ngarot, seupan sampeu bisi gaal, bilih bade dituang, Ujang Salim celuk-celuk, mama gugah, mama gugah.

Ramana jongjon ngajempling, Patimah rada ngorejat, nyampeurkeun bari nyolondo, kana gedengeun rakana, dipencrong pameunteuna, Patimah kaget ngaranjug, ningal cahyana gumawang.

Dirampa tanganna tiis, Patimah galihna nyeblak, pias ngadegdeg jeung kaget, anjeunna kagungan sangka, kana rakana wapat, tapi masih samar kalbu, seug nyauran engkang-engkang.

Bari nyepeng tangan kiri, ditarik diguyah-guyah, salirana oyag kabeh, dengek Patimah ngagoak, satengah kapaehan, ka rakana bari nyuuh, sasambatna engkang-engkang.

Ras eling ngarontok Salim, nangisna munggah leslesan, Salim ngagoak ngagero, dirangkulan ku ibuna, patutungku duaan, burubul tatangga lembur, ngaburu anu midangdam.

Pinuh awewe-lalaki, kolot budak pada datang, nu rea wungkul barengong, ningal polahna Patimah, tina ku matak welas, leuleus lungse ngarumpuyuk, taya tangan pangawasa.

Mayit ngagoler ’na lampit, teu acan dipirosea, nyirah ka wetan ngalonjor, dirangkulan ku Patimah, nyuuh kana sampean, bari nangis segrak-segruk, nyambatna kanyenyerian.

Duh engkang teu nyana teuing, engkang rek ninggalkeun hilang, ya Allah Gusti Yang Manon, boa hilang kalaparan, bawaning palay tuang, boro abdi gupah-gupuh, nyeupan sampeu gagancangan.

Tuh engkang geura tingali, sampeuna masih ngajagrag, caina acan diarot, nyana engkang bade wapat, jeun abdi bebeakan, ditaranjang ngabulucun, kanggo ngabelaan engkang.

Naha teu wakca ka abdi, lamun yaktos kalaparan, duh Gusti kumaha bae, diri abdi henteu kiat, nandang kanalangsaan, Salim sareng nu dikandung, ka saha nyambatna mama.

Nyi Lurah pareman gasik, nyampeurkeun ka Nyi Patimah, ngupahan ku budi sareh, bari dicepeng tanganna, dibawa ka jro

21