Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/25

Ieu kaca geus divalidasi

kamar, jeung Ujang Salim dipangku, dibubungah diupahan.

Mas Lurahna kitu deui, sanggeus Patimah nyingkah, gancangna marentah bae, ka sakur jalma di dinya, mindahkeun layon tea, dipangku ka luhur bangku, mayit acan diruruban.

Nyimas Lurah menta samping, kanggo rurub ka Patimah, Patimah muka torombol, bari nyusutan cisoca, ditingal ku Nyi Lurah, Nyi Patimah semu bingung, wireh keur rurub teu aya.

Wantu boga samping hiji, pinuh ku tapak ngerodan, kadua anu dipake, Nyi Lurah welaseun pisan, seug nyelang mulih heula, nyandak sinjang pikeun rurub, mayit nembe diruruban.

Mas Lurahna kitu deui, cakah-cikih paparentah, memang Mas Lurah kasohor, kokolot di kampung eta, minangka pangcukupna, kawuwuh tukang tutulung, istri-pameget teu beda.

Teu ngitung rugi ku duit, tara lebar ku tanaga, duit sapeh gawe daek, asal dipake ibadah, nalangan ka nu susah, tutulung ka nu keur butuh, ngaraksa jalma cilaka.

Sabalikna rikrik gemi, nyaah mun ngamonyah-monyah, najan pangaji sapeser, mun pake rucah balabah, dipake henteu guna, saperti ngagunggung napsu, nu dicegah ku agama.

Somahna nya kitu deui, nurut kumaha huluna, cara cai ngocor bae, lamun ti girangna herang, ka hilirna teu beda, tah eta ku sabab kitu, sakur jalma anu datang.

Ka Patimah nu prihatin, jaba nulung ku tanaga, henteu aya anu lengoh, pada suka milu hajat, nu ku duit ku beas, lalab-rumbah katut daun, rea deui sajabana.

Nyi Lurah mah komo deui, jaba duit jeung beasna, katut jeung boehna oge, kawantu sami tarerang, yen Sobari walurat, Patimah teu pegat sukur, muji nuhun ka Pangeran.

Wireh dina waktu tadi, nu pake kanyenyerian, lain saperkara bae, pedah Mas Sobari ajal, ras ngingetkeun kasusah, nu dipake huleng-jentul, tina sagala teu aya.

Teu boga duit saduit, sumawon keur boeh tea, Patimah geus bingung bae, samar rasa samar polah, teu puguh kalakuan, gawena ngahurun balung, nu aya bati nalangsa.

22