Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/27

Ieu kaca geus divalidasi

keur aya ramana, henteu pati diperduli, lantaran henteu kabedag, ngurus budak jeung nu gering.

Patimah remen ngawuruk, pangarti ka murangkalih, anu sakira meujeuhna, kaharti ku budak leutik, nu satimbang jeung umurna, henteu kabeuratan teuing.

Poko anu jadi turus, Patimah ngajarna Salim, tatana ka manusaan, diajar welas jeung asih, ka jalma ka sasatoan, ka nu nyawaan kumelip.

Ngajarna kukuh jeung timpuh, petana ngajarkeun asih, nyegah nyoo sasatoan, kayaning manuk jeung jangkrik, jeung sajabana ti eta, sakur bangsa sato leutik.

Nitenan ka sato ingu, kaya ka hayam ka ucing, dipiara digetenan, nyegah meupeuh nganyenyeri, sumawon adu-aduan, dicegah sama sakali.

Ngajarna Patimah suhud, demi kadua perkawis, ngajar elmu kasehatan, diajar apik beresih, jeung dicegah tambarakan, barang dahar nu teu pasti.

Dahar sarena ngabaku, dina waktu nu dipasti, henteu meunang sambarangan, ngaleuwihan nu maranti, pukul lima titah hudang, ka cai trus sina mandi.

Pangajaran nu katilu, tina hal gagah jeung wani, ari petana ngajarna, dicegah sama sakali, digigila nyingsieunan, kaya ku ririwa iblis.

Atawa kunti jeung hantu, reujeung sajabana deui, dititah wani ludeungan, ka nu poek sepi suni, remen dipecak dicoba, nulungan ka nu balai.

Kaopat nu dipiwuruk, diajar apik jeung gemi, kana sipat babandaan, kaya ka duit jeung rijki, demi pangajaranana, dikerasan reujeung tigin.

Kaya bandana nu baku, kacooanana ulin, dipaksa sina ngaraksa, ku manehanna pribadi, teu beunang dilaladenan, neundeun nyokotna maranti.

Dina tempat anu baku, balatak jabrah dipahing, lamun aya anu ruksak, dicegah cul teu merduli, maksa sina diampihan, diraksa diapik-apik.

Kana duit pon nya kitu, saupama boga rijki, maksa sina