Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/29

Ieu kaca geus divalidasi

mah saihwan, sami getol tukang bakti, tara ngobrol teu karuhan, kajaba micatur elmi.

SINOM.

Kacaturkeun hiji mangsa, kaleresan dinten Kemis, sasih April kaping dua, tabuh tujuh enjing-enjing, Patimah cengar-cengir, rek babar karaos lambut, Jang Salim lulumpatan, ngaburu imah paraji, ngabejaan reh ibuna erek babar.

Gancangna paraji datang, diiringkeun ku Jang Salim, geus dengek sora nu adan, ngadanan orok nu lahir, paraji cakah-cikih, nampanan orok ku nyiru, Nyi Patimah geus babar, putrana istri tur geulis, duanana salamet taya cacadna.

Diurus sabiasana, gawe paraji geus rapih, Patimah ebogna nyanda, ngadelis nganggo pipilis, nyender kana guguling, orok beres geus dibarut, nyanding gedeng ibuna, cempor ajug geus ngabanding, jeung aseupan ku apu beunang nyoletan.

Sebrot paraji bubura, saputerna jero bumi, seleber anton-antonna, bauna munggah nyeleding, kokonengan ngabanding, nambru diwadahan kanjut, ramat heurap dipasang, rabeng di-pake lalangit, keur ngajaring ihtiarna indung beurang.

Salim teu jauh ti dinya, gedengeun ibuna nyanding, ningal polah indung beurang, ngadaweung semu nu mikir, Patimah bungah galih, nganuhunkeun ka Yang Agung, reh paneda laksana, ngakandung salapan sasih, nu diteda salametna waktu babar.

Teu eureun-eureun ngadunga, bari melong murangkalih, gedengeunana ngajepat, kenging ngabedong ngajempling, ras ka rakana eling, galihna ngan bati liwung, welas ningali putra, nudikantun budak yatim, culang-cileung ku rama ditinggal hilang.

Dipeleng cahya gumawang, nilikna teu malik-malik, kagagas tambah baluas, melong putra nu ngajempling, orok datang ka nyaring, cipanonna nyalalangkrung, mereleng ka ibuna, bangun orok nu geus eling, gular-giler siga ngilikan ramana.

Ngagiler ka beulah kenca, ningali Salim ngabanding, ku Ujang Salim katingal, orok semu imut leutik, jeung ngabelenyeh seuri, ditanya bari dirangkul, Enok neangan saha, kapan urang mah

26