Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/31

Ieu kaca geus divalidasi

murangkalih, kaemutan ti aceuk jeung ti engkangna.

Sareng aceuk itu mawa, kadaharan rupi-rupi, wireh gaduh panadaran, manawi sapuk jeung galih, engke wengi rek kemit, di dieu bade karumpul, urang mamaos layang, embi Erum embok Umi, Nyai Iyoh jeung Uyi nu mamaosna.

Wawacanana Ambia, cariosan para Nabi, guna ngarah ngalap sunat, kasukaan anu hasil, tembangna ngahariring, ulah dibelak-dibeluk, dialap mangpaatna ngarah sapaatna Nabi, Nyi Patimah hatur nuhun kabingahan.

Caturkeun bae wengina, kaleresan caang sasih, caangna bulan gumebyar, nyaangan saputer bumi, matak nyukakeun galih, galih anu eukeur ngangluh, caangna tutumplukan, tiis angin ngaliliwir, ingarulang nebak kana kebon kembang.

Sumeleber wawangina, wawangen kaangin-angin, ambetna matak teu nangan, seungit munggah ngadalingding, tiis hawa ti peuting, nu ngalantung ngalalimbung, hawar-hawar katingal, istri nu badami tadi, ngalalenghoy ngajugjug bumi Patimah.

Angkatna ayang-ayangan, alon disambil ku ulin, jalan-jalan bari mulan, bulan anu nembe bijil, kenging ngaranggo bersih, tingpecenghul ti nu linduk, tarindakna utama, wantu istri tedak santri, geus sarumping ka bumina Nyi Patimah.

Di bumi nyampak balatak, wantu nu putraan leutik, acan ampar-ampar samak, samemeh tamu caralik, paraji gusak-gasik, ngamparkeun samak pakpikpuk, dimanggakeun lalenggah, istri geus calik ngabaris, na amparan ngarariung pamasangan.

Rupa-tupa katuangan, opak kurupuk kiripik, gegeplak leupeut jeung kupat, cau cai geus sayagi, Nyi Lurah pok ngalahir, mangga atuh embi Erum, maos geura ngawitan, ieu enggeus wengi teuing, dengek maos Erum Dangdanggula Kentar.

Sorana angin-anginan, halimpu hariring suling, senggolna matak kagiwang, hariringna resep nguping, macana tatag tigin, henteu gurudag-gurudug, pili genti jeung Ni’ah, anu ngupingkeun caricing, wantu kabeh praistri ahli agama.

Kawuwuh nu dibacana, lalakonna para Nabi, selang-selang tina nembang, anu geus dibaca tadi, dicaritakeun deui, malar pitutur kamaphum, Nyi Lurah nu nataan, nyariosna langkung

28