Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/32

Ieu kaca geus divalidasi

titi, tatag beres jeung capetang ngagorolang.

ASMARANDANA.

Beuki peuting, beuki peuting, nu nembang beuki sarumbang, sorana serak galember, ku balas eak-eakan, panon peupeuleuyeuan, diteluh ku jurig tunduh, gelung kusut wedak murag.

Hawa anyep beuki tiis, ciciren pajar rek datang, dengek hayam kongkorongok, ngabageakeun ka beurang, nu datang poe anyar, nuluykeun lalakon hirup, gumelar nungguan kadar.

Jempling enggeus ngagaruling, nu tembang ngajarugagang, kerekna pating salenger, ngedengna patunjang-tunjang, sedeng meujeuhna tibra, geus geledug bedug subuh, kuniang maksa harudang.

Malun istri-istri santri, teu ara elat saralat, teu malire ngeunah sareh, maksa hudang tingkuniang, malenerkeun sanggulna, tingkedewet ngurus sarung, dibeberes dipageuhan.

Geus pamit lajeng marulih, kawas kalong kabeurangan, angkatna pating lalenghoy, lungse semu henteu nangan, wantu sarena kurang, puyeng lanjung rieut hulu, teu puguh nya rarasaan.

Paraji masih ngajempling, teu beunang diguyah-guyah, angguran beuki morongkol, narik memener simbutna, sirahna dirimbunan, ngaringkuk jeung ngohkoy batuk, wantu mengi katiisan.

Sora manuk beuki ricit, tanda beurang beuki terang, manuk haur geus baceco, kawas anu babacaan, ngadoa maca kuran, nganuhunkeun ka Yang Agung, umurna nepi ka beurang.

Ujang Salim cukah-cikih, ngabereskeun wawadahan, urut raramean sore, patulayah tengah imah, cangkang leupeut jeung kupat, runtah munggah nalalambru, cangkang salak pabalatak.

Indung beurang acan nyaring, sarena teuing ku tibra, kerekna masih ngagerek, malik nangkarak ngajepat, hudang soteh kagebah, lantaran Jang Salim labuh, katinggang puhu pingpingna.

Korejat kojengkang nyaring, nangtung kawas nu rek lumpat,

29