Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/33

Ieu kaca geus divalidasi

tina bawaning ku kaget, pokna teh ka mana lumpat, ieuh ka mana lumpat, ngejat nyingsat tembong tuur, ku Ujang Salim ditewak.

Aeh rek ka mana nini, bari dibetot leungeunna, ras eling tuluy gog nagog, ngadaweung jeung pupujian, masa Allah ya Allah, pokna bet nini ngalindur, ngimpi ku bagong diudag.

Nyi Patimah imut leutik, ngagelenyu bari nyanda, malik ngabalieus ngaler, lantaran ku kaisinan, ningal anu cawokah, indung beurang nagog rusuh, samping nyingkab teu karasa.

Suka kaganti ku sedih, urut nembang raramean, kaopat peutingna jempe, jempling lir gaang katincak, kawantu geus lekasan, katutup orok geus puput, candukul kantun duaan.

Katilu jeung orok leutik, nyanding gedengeun ibuna, ngajempling kenging ngabedong, ku ibuna diistrenan, dingaranan Salamah, rupana seger jeung lintuh, tegep ngala ka ibuna.

Bageur anteng tara rungsing, Jang Salim leuwih asihna, gawena ngabanding bae, orok arang dijauhan, mun ibuna teu aya, keur ngurus damel di dapur, Salim merekoh nungguan.

Patimah leuwih taliti, pernata ngurusna budak, leukeun jeung geten tulaten, nyusuna dianggeranan, puguh aya waktuna, anjeunna deui nya kitu, daharna make aturan.

Kadaharan nu utami, sakadar anu masakat, malar cisusuna hade, adat biasa dicegah, tirakat kurang dahar, kaya teu sare jeung saum, nyangkirangan ka putrana.

Beurang deui peuting deui, beak minggu datang bulan, tambah taun tambah gede, Jang Salim sedeng ninggangna, kana asup sakola, umurna dalapan taun, kacaturkeun hiji mangsa.

Waktuna keur seneng galih, pasosore bada asar, poena hade halodo, urut panas ngabebentrang, hareudang jeung bayeungyang, kalindih ku linduk iuh, tiisna sedeng nerneran.

Siliwir angin ti hilir, hegar nyegerkeun salira, Patimah calik aneprok, di tepas mayun ka Jatar, ngagedengkeun putrana, umurna meh dua taun, geus bisa nangtung neutneutan.

Rentang-rentang katingali, Nyi Lurah jeung carogena, jol ti kulon ngalalenghoy, ngajugjug bumi Patimah, marulih mentas siram, arangkat ngongkoyong anduk, tingkotoprak

30