Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/35

Ieu kaca geus divalidasi

Ujang bawaeun kolot, engke lamun geus sakola, sing temen wekel lampah, nurut ka piwuruk guru, ulah mungpang ka papatah.

Ulah cirigih cilimit, cerewed reujeung cempadan, sumawon bangor bantongor, teu saregep nya diajar, Ujang masing rumasa, jadi budak geus pahatu, masakat teu boga bapa.

Ku Ujang masing kaharti, mun Ujang taya kabisa, kaasup jelema bodo, ari anu bodo tea, sok kurang pamilihna, nungtun kana mawa ngedul lampah remen nyorang salah.

Teu cara nu boga harti, sumawon jeung hade lampah tingkah laku budi sareh, hade tata hade basa, sabar reujeung tawekal, akur jeung tatangga lembur, rempug reujeung babaturan.

Nu kitu rea nu asih, jalma pada mikarunya, hirup tangtu senang hate, mun urang manggih kasusah, tangtu pada nulungan, mikawelas pada ngaku, kuring menak tangtu nyanak.

Sakitu ibu weweling, piwejang ibu ka Ujang, poma Ujang ulah meleng, sarta sing bisa nyingkahan, kana lampah nu salah, turut laku nu rahayu, cokot tindak nu utama.

DANGDANGGULA

Ujang Salim melong sarta tigin, ngarungukeun piwuruk ibuna, ka pameunteu ibu mencrong, ngaregepkeun pitutur, diweweleh nepi ka peuting, Patimah miwulangna, hantem ngagelendut, caturkeun bae enggalna, Ujang Salim sakolana geus katampi, ngadugdag ka jro kota.

Isuk-isuk pukul genep indit, wantu rada jauh lalakonna ti kampung Sukasari teh tebihna mun diitung, kira-kira opat pal leuwih, unggal poe didugdag, Salim leuwih suhud, nurut piwuruk ibuna, keur mah memang boga bakat ti leuleutik, resep kana diajar.

Dibekelanana tara leuwih, pikeun jajan ka dayeuh sakola, ku ibuna tilu peser, tempo-tempo mah luput, mun ibuna keur nandang sisip, teu aya keur mekelan, tapi kilang kitu, Jang Salim teu pisan aral, wantu-wantu geus hideng manehna ngarti, yen ibuna walurat.

32