Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/37

Ieu kaca geus divalidasi

Manggih welas campur sedih, ngadangukeun carios putra bolong ngawalon alon, sukur agus mun purun, tapi sing ujang sing eling, pangajaran sakola, bisi jadi mundur, ceuk Jang Salim jawab moal, Nyi Patimah ngangres dumeh Ujang Salim, boga karep usaha.

Saban poe Salim datang burit, sakumaha omongna teu salah, estu Salim soson-soson, duit beunang buburuh, nu lima sen diapik-apik, disimpen nyengcelengan tapi henteu terus, lantaran kapegat hujan, pada eureun papanahan waktu ngijih, Salim kantun hajakal.

Reh kapegat usahana Salim, beurang-peuting teu weleh mikiran, piusahaeun nu sejen, supaya bisa terus, nyengcelengan neundeunna duit, sajero keur sakola, bisa mantu-mantu kana kasusah ibuna, makayakeun adina nu dipiasih, bisa nyandang-manganan.

Hiji waktu Minggu enjing-enjing, Ujang Salim mobok cengcelengan, duitna erek dipake, anu meunang buburuh, genep bulan micik jeung rajin, ibuna dibejaan, bungahna kalangkung barang duitna dibilang, aya tujuh perak leuwih genep picis, Jang Salim pok nyarita.

Ieu artos ibu ku sim abdi, rek dibantun ayeuna ka pasar, ku abdi bade dipake, nya eta meser baju, keur Salamah sinareng abdi, sareng nu sapalihna, abdi aya maksud, bade dipake keur modal, sugan pareng bade diajar balantik, malar tiasa mapat.

Sanggeus pamit Jang Salim bral indit, teu kacatur, lilana di pasar, gancangna geus datang bae, datangna angkaribung, rebo ngelek reujeung ngajingjing, ibuna jeung Salamah, gancang muru-muru, babawaan geus dibuka, rupa-rupa aya baju aya encit, keur ibu jeung Salamah.

Sareng kertas kembang rupi-rupi, rea pisan meuli cocooan, kokoleceran jeung angkrog, kekembangan aralus, anu beureum jeung anu gading, anu hideung nu bodas ibu bati ewuh, wireh Ujang Salim royal, sajabana meuli peso meuli gunting, jeung sajaba ti eta.

Ditataan rupa hiji-hiji, jeung ngasongkeun encit ka ibuna, keur Salamah kitu keneh, pokna teh tah keur ibu, sareng ieu

34