Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/38

Ieu kaca geus divalidasi

sarupi deui, kanggo Enok Salamah, encit kayas alus, dibeberkeun diajaran, diterapkeun ka Salamah jeung daek, Salamah leuwih bungah.

Malum budak anu masih leutik, lulumpatan jeung ajret-ajretan, tina bawaning ku atoh, ka Jang Salim ngarangkul, ngalendotan tina ku asih, reujeung tina kakara, boga baju alus, pokna engkang bageur pisan, henteu eureun ngomongna cadel ngicimih, tina bawaning bungah.

Nyi Patimah bati imut leutik, ningal tingkah polahna putrana, Jang Salim nya kitu keneh, Nyi Patimah pok nyaur, naha Ujang bet rea teuing, eta teh beubeulian, reujeung ibu ewuh, make meulian keretas, cocooan mana rea-rea teuing, kawas rek kariaan.

Make meuli peso reujeung guncing, na keur naon eta teh gunana, Jang Salim seuri ngawalon, puguh abdi teh ibu, kenging mikir langkung sasasih, enggon jalan usaha, amung nu kaemut, abdi sumeja diajar, barang jieun cocooan rupi-rupi, keur jualeun ka pasar.

Anu mawi abdi meser leuwih, cocooan seueur rupa-rupa, maksud abdi kangge conto, henteu susah guguru, gampil ieuh kenging dipikir, dupi peso tikelna, kanggo ruat-raut, anu perlu digagangan, sareng perlu kapan kudu nganggo gunting, kanggo ngagunting kertas.

Emutan teh asa moal lami, mun diajar nyieun cocooan, rupi kolecer jeung angkrog, kekembangan pon kitu sinarengan jabina deui, abdi sanggem tiasa, di lebet saminggu, nyieun model rupa-rupa, raos abdi usaha teu abot teuing, bari cicing di imah.

Malah-malah panggawe utami, turug-turug gampil didamelna, kenging keur gawe awewe, emutan abdi tangtu, lami-lami ibu katarik, kitu deui Salamah, tiasa ngabantu, engke lamun geus tiasa, tangtos ibu moal kantos ripuh teuing, tambih pausahaan.

Salamah ge meureun lami-lami tiasaeun nulung padamelan, wantu damel henteu hese, tina ku margi kitu, pikeun teda mo sesah teuing, sim abdi moal melang, ninggalkeun lumaku, mun

35