Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/39

Ieu kaca geus divalidasi

abdi pareng ngumbara, ka nagara nu rame ngilari deui, usaha nu meujeuhna.

Nyi Patimah suka campur sedih, ngadangukeun carios putrana, suka dumeh soson-soson, mikirna estu suhud, kana jalan ngala rejeki, makayakeun anjeunna, sumawon ka dulur, duka reh acan meujeuhna, lebah Salim budak anu masih leutik, kana mikir usaha.

Tina nyaho dumeh kolot miskin, dugdag-degdeg ngabantu usaha, Patimah teu petot-petot, mumuji ka Yang Agung, nganuhunkeun pangasih Gusti, teu weleh nya neneda, supaya dikabul, paneda muga putrana, ditambahan rahmat anu leuwih-leuwih, lahir sareng batinna.

KINANTI.

Ujang Salim leuwih suhud, enggon mikir ngala rijki, lamun datang di sakola, ngadeluk teu ara cicing, nyoba nyieun cocooan, diajarna leuwih tigin.

Turah-turih ruat-raut, parabot peso jeung gunting, nyieun rupa kekembangan, reujeung sajabana deui, kolontong kokoleceran, kaulinan budak leutik.

Diajar teu make guru, wungkul nyonto ti nu jadi, diudaran dibukaan, tuluy diterapkeun deui, laun-laun jadi bisa, lantaran Jang Salim rajin.

Mikirna kalawan junun, karepna teu lunca-linci, jero saminggu geus apal, henteu perlu nyonto deui, sakur kaulinan bisa, geus paham sama sakali.

Beuki lila beuki alus, tambah paham wuwuh rapih, ngaleuwihan ti contona, nyieunna diapik-apik, digetolan dititenan, dina sarupi-sarupi.

Henteu rusuh gurung gupuh, teu hayang sakali jadi, leukeun jeung sabar tawekal, hese cape teu ditolih, henteu sungkan susah payah, asal maksudna ngajadi.

Di imahna geus ngagunduk, rapang ngajajar na bilik, kolecer kokolontongan, kekembangan rupi-rupi, anu beureun kayas bodas, hejo paul koneng gading.

36