Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/43

Ieu kaca geus divalidasi

nangkarak.

Saenggeus nyiptana tamat, gambarna kota Batawi, diganti ku lalamunan, mun digawe di Batawi, heug jadi jurutulis, di kantor nu leuwih punjul, diuk ngadepan meja, dina korsi bari nulis, nyanghareupan Walanda dununganana.

Tuluy naek-naek pangkat, tina asal gajih leutik, geus nepi kana ratusan, imahna dilamun deui, gedong gede ngajegir, boga jongos boga babu, kuda reujeung kareta, dipeleng di jero ati, ngalamunna nepi ka nu pangpunjulna.

Mun sudagar pangbeungharna, menak pangkatna nu leuwih, abong sakawenang-wenang, teu aya nu nyisi-kudi, sare tuluy kaimpi, sakabeh anu dilamun, Salim tetep pikirna, lamun ti sakola bijil, nu dimaksud Batawi nu rek disorang.

Ku sabab kitu pikirna Ujang Salim tambah rajin, enggon jalan usahana, getol ti beurang ti peuting, dagangan rupi-rupi, nyieunna dialus-alus, ditaekeun hargana, sangkan boga duit leuwih, cengcelengan keur bekel bawa ngumbara.

Ka ibuna acan wakca, yen niat rek ka Batawi, pikir Salim bisi rentag, wirehna bakal patebih, galihna bisi rungsing, geus bae ngajadi ngangluh, catur bae enggalna, Salim ti sakola bijil, sarta tamat meunang surat sertipikat.

Saenggeus Salim kaluar, henteu buru-buru indit, pikirna ngareureuh heula, di imah teu ara cicing, teu ngagedekeun ulin, ulinna jeung ngarah untung, susumpit jeung ngalintar, jeung baturna rukun rapih, kalulutan ku barudak sasamana.

Lamun aya pagawean, rempugan anu geus galib, saperti ngaruag imah, nu ngadegkeun kitu deui, Jang Salim tara Kari, angger sok milu babantu, milu macul ka sawah, nurut galib Sukasari, gawe kasar gawe lemes tara tinggal.

Nu dipalar mangpaatna, supaya sagala ngarti, peta nyabak pagawean, dagang pepelakan tani, lamun pareng keur sepi, tina gawe anu baku, top buku tuluy maca, carita anu harasil, diregepkeun sakur picontoeunana.

Nu ku Salim digetenan, suhud kalawan gumati, ngajar adina Salamah, reh hideng meujeuhna ngarti, kana gawe nu hasil, nu jadi tatali hirup, dina jero pikirna, mun Salamah enggeus

40